Contoh Sajak Sunda
Sono Kacinta
Kiwari...
Mangsa nyorangan
Sabot salira ngantunkeun
Bumi ngadadak poék mongkléng
Bulan dilangit ngaleungit
Tina lamunan.....
Rasa
sono teu weléh nyimpang ngahudang lelembutan
Kasono
nu ngancik dina rasa ka trésna
Ngancik
dina sanubari
Tanpa
cinta....
Alam
kahirupan karasa rupeuk
Combrék,
réhé, jeung simpé
Hirup
teu puguh nu dituju
Namung ku kawasana nu maha Kagungan
Malikeun deui caangna bulan
Dititah deuii nyaangan deui alam dunya
Anu poék mongkléng
Tur numuhkeun harepan hirup
Duh
nu maha kagungan
Alam
ngadadak jadi lega
Titingalian
jadi béngras
Mangsa
datangna pupujan haté
Karya Arif Hidayat
Labels: Katresna, Sajak Sunda, Seni, Sunda
0 Comments:
Post a Comment
Subscribe to Post Comments [Atom]
<< Home