Contoh Teks Panumbu catur Sawala
Di handap ieu aya conto sawala
- ngabuka sawala
Assalamu’alaikum wr.wb
Para pangjejer sareng para pamilon anu ku simkuring
di pikahormat, puji sinareng sukur hayu urang sami-sami panjatkeun kahadirat
Allah SWT anu parantos maparinan ka urang sadaya nikmat kasehatan sinareng
kasempetan sahingga urang tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, petepang
raray dina ieu kasempetan kalawan dina kawilujeungan.
Solawat kalih kasalametan mugia tetep dilelerkeun ka
jungjungan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad SAW, teu hilap ka
kaluwargina, ka para sohabatna, sareng mudah-mudahan nepi ka urang sadaya
salaku umatna dugi ka akhir jaman. Aminn..
Tepangkeun wastapun (......) simkuring ngagem pancen
janten panumbu catur teu hilap ngahaturkeun rewu nuhun kapara pangjejer sarta
pamilon anu parantos kersa hadir dina ieu kempulan kanggo medar sareng
ngadiskusikeun ngeunaan e-learning.
Ku kituna supados henteu nyangkolong kana waktos, hayu urang sadaya buka ieu
sawala ku aosan Bamallah sasarengan.
2. ngawanohkeun pangjejer
Para pangjejer sareng pamilon anu ku simkuring
dipihormat
Sataacan nincak kana acara nu salajengna supados teu
di saha-saha, sim kuring seja nepangkeun para pangjejer nu bade ngadugikeun
kamandangna
Pangjejer
nu kahiji nyaeta, Drs. Arif Rahman Hakim
M.M M.Pd anu asalna ti ciamis, bobor kaping 29 Februari 1956 mantena
mangrupikeun pangamat pendidikan ti dinas pendidikan provinsi jawa barat.
Wilujeung enjing bapa, haturnuhun kana kasumpingana.
Anu kadua nyaeta Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd anu asalna ti Lembang, Kabupaten bandung Barat
boborna kaping 24 Desember 1968 mantenna mangrupikeun guru anu kawilang senior
anu tangtuna parantos ngaraoskeun parobihan parobihan dina sistem pendidikan
salila ieu. Wilujeung enjing ibu, hatur nuhun kana kasumpingannana.
3. ngatur jalana sawala
Para hadirin, supados urang leuwih neleman ngenaan
jejer anu bade dibahas ku urang sadaya, hayu urang regepkeun kamandang ti para
pangjejer.
Sumangga ka bapa Drs. Arif Rahman
Hakim M.M M.Pd kanggo ngadugikeun kamandangna.
Hatur nuhun ka bapa Drs. Arif
Rahman Hakim M.M M.Pd anu atos ngadudikeun kamandangna. Sae kacida naon rupi
anu didugikeunana, saalitna parantos muka pandangan urang sadaya ngeunaan e-learning. Nurutkeun mantenna e-learning
teh mangrupikeun salah sahiji kamajuan dina bidang pendidikan anu tiasa
ngajadikeun siswa teh aktip tur tanggap khususna kana pelajaran. Siswa anu
salila ieu ngan ukur jadi objek, nu saukur diuk, ngaregepkeun guru nu
ngocomblang di robah pikeun jadi subjek neangan rupi rupi elmu ngan lain saukur
ti guru wungkul.
Kumargi kitu hayu urang
lajengkeun wae ieu sawala. Anu salajeungna ka Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd
dihaturanan kanggo ngadigukeun kamandangna.
Hatur nuhun ka Ibu Drs.Hj. Ayyi
Arrasyid M.Pd anu atos ngadudikeun kamandangna. Nurutkeun mantenna ayana
e-learning teh ngagaduhan kalewihan oge kakurangan. kalewihanna nyaeta
pangajaran tiasa langkung di efektifkeun sarta lewih efisien dina hal waktos.
Sajabi ti eta pangajaran tiasa di lakukeun di mana wae, lain saukur di sakola
wungkul. Ari kakuranganna nyaeta, e-learning teh teu acan tiasa dilarapkeun di tiap daerah
di Indonesia kusabab kakendala ku sarana oge prasarana.
Kulantaran waktos anu sakeudik, salajeungna sim
kuring bade ngawatesan kanggo pamilon nu bade tumaros, ngan ukur kanggo tilu
urang. Dina ngadugikeun patarosannana kedah ngacungkeun pananganana teras
nyebatkeun namina sarta teu kenging gogorowokan.
Hatur nuhun ka (.....) anu tos ngadugikeun
patarosanana, patarosanna kirang langkung ngenaan kabijakan pamarentah kangggo
ngaleungitkeun katimpangan utamina dina hal sarana prasana anu ngadukung
diterapkeunna e-learning. sumangga ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd
kanggo ngawaler patorasanana
Hatur nuhun ka bapa anu parantos ngawaler patarosan
ti Ainun , anu isi waleranna nyaeta pamarentah teh saleresna mah nuju
ngusahakeun kanggo ngaleungitkeun katimpangan eta ku cara ngalokasikeun dana
kinten kintenna 16 triliun kanggo ngarojong program e-learning ieu.
4. nutup sawala
Teu karaos ieu acara teh parantos rengse. Alhamdulillah ieu acara téh ti
kawit dugi ka réngséna parantos kalaksanakeun kalayan lancer. Ku kituna hayu
urang sesarengan nutup ieu acara ku maosan hamdalah
sasarengan. Alhamdulillahirobbil alamin
Sim kuring salaku panumbu catur sareng saparakanca neda hapunten anu
kasuhun, bilih aya cariosan-cariosan oge paripaos anu matak teu genah kana
manah hadirin sadayana. Mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosan ti
sadayana
Wassalamu’alaikum wr.wb
Sakitu nu Kapihatur, Hatur Nuhun :)
Mari Berbagi
Labels: Sawala., Sunda, Teks Panumbu Catur
0 Comments:
Post a Comment
Subscribe to Post Comments [Atom]
<< Home