Sunday, February 26, 2017

Naskah sunda dengan pemain banyak

Dina ieu kasempetan sim kuring seja ngabagikeun saniskanten drama anu parantos di jieun ku sim kuring. mangga bilih aya nu peryogi, tiasa di conto. teu kenging hilap supados masihan komentar boh saran na supados tiasa leuwih sae ka payunna... semangat berbagi!!!!



Drama ieu nyaritakeun kahirupan barudak SMA anu nitikberatkeun kana kabudayaan oge anjuran supados teu ngadeukeutan bobogohan....


Pamaen Putri
1.       Ibu Narita (Aina)
2.       Nokta (Novi)
3.       Rehan (Anti)
4.       Ina (Siti)
5.       Fatma (Rikul)
6.       Ibu Aisyah (Yanti)
7.       Ira (Maulida)
8.       Eva (Widya)
9.       Ika (Ayu I)
10.   Syiha (Tina)
11.   Ibu Dewi (Nur)
12.   Rena (Ayu A)
13.   Cindi (Sherlya)
14.   Tia (Afrel)
Pamaen Putra
1.       Asep (Andi)
2.       Hakim (Hasan)
3.       Kusuma (Arif)
4.       Jajang (Luthfi)
5.       Abdi (Abiyyu)
6.       Mang Uus (Yauri)
7.       Jude (Abdul)
8.       Syehan (Iang)
9.       Redi (Sulthon)
1.   Haikal (Eep)
1.   Ivan (Andri)
1.   Tomy (Nanang)
1.   Dedi (Bayu)
1.   Billy (Fadel)
1.   Apriyanto (Angga)








Kacaritakeun di hiji ruangan, ruangan anu pinuh ku gumbirana awewe jeung lalaki anu ngahaleuang, silih lengkepan dina hiji paduan sora, paduan sora SMAN 1 Cisarua...
“ .................................................................”
“Sapu nyéré pegat simpai, bakal kasorang...”
“ Takdir ti gusti Hyang widi, pasti kalakon... “
“Urang rék papisah, urang rék pajauh...”
“Mempeung dekeut hayu urang sosonoan..”

Ibu Narita     : “Saé.. (sabari keprok). Alhamdulillah anaking, arurang sadaya tiasa ogé nya ngahaleuangkeun lagu anu lumayan héséna.”
Nokta            : “Enya bu, henteu sia-sia urang latihan tiap uih sakola téh!”
Asep              : “ Moal aya nu sia-sia atuh, lamun urangna henteu putus harepan mah sagala ogé bakal bisa!”
Rehan           : “ Leres pisan, Asepku, cintaku.. pasti di dukung ku enéng mah atuh!”
Asep              : “ Naon ai manéh! Cinta, cinta.. dahar tah cinta!”
Rehan           : “Iih.. si akang mah didukung téh kalah malik nyarékan, kumaha!”
Ina                                  : “Euh! Ieuh duaan unggal latihan hayoh wé nguruskeun cinta, fokus atuh Sep, Han waktu urang teh tos samporét.”
Hakim                : “Leres tah saur si Ina, lomba rampak sekar teh tinggal sabulan, lamun urang hayang juara umum deui, sok atuh keur latihan mah fokus heula.”
Ibu Narita        : “Tos.. tos. Kasép, geulis tong kalah paréréa omong, ayeuna mah urang tataan naon waé kakurangan urang, satuju?”
Barudak            : “ Satuju...”
Ibu Narita        : “Cing sok ibu rék naros, naon waé kakurangan urang téh?”
Fatma                : “Masih kurang kompak, bu.”
Jajang                : “Masih can harmonis, seeur keneh nu sumbang tina tiap baitna, bu.”
Ibu Narita        : “Salian ti éta?”
Kusuma            : “Tiap orangna masih teu acan ngaluarkeun sadaya kamampuhna.”
Abdi                   : “Masih teu acan wareg, Bu.”
Ibu Narita        : “Wareg? Ning wareg di?”
Abdi                   : “Enya bu, teu acan wareg soalna teu acan tuang sangu, sim kuring téh bu.” (Sabari nyengir)
Barudak            : “Huh dasar tukang dahar!”
Ibu Narita        : “ Ehh ari si Abdi, Ibu téh serius di. Muhun.. Ibu gé ngartos. Ké nya latihanna ge beres sakedap deui.”
Abdi                   : “Hehe.. punten bu, lapar atuh da.”
Asep                  : “Sarua urang gé di.. ngan sabar heula atuh.”
Rehan               : “Leres di, Kang Asep nomor hiji lah!”
Asep                  : “Huh! Nempas waé maneh mah urang keur ngomong téh!”
Hakim                : “Cing serius! Hereuy wae ieu mah. Sok bu lajengkeun”
Ibu Narita        : “Muhun, sok dangukeun nya.. urang tiasa waé bangga ku tiasana ngahaleuangkeun lagu éta. Tapi urang kudu inget yén lawan urang taun ayeuna pasti leuwih beurat. Kunaon cing? Sabab, lian ti SMA, lawan urang téh aya ti umumna oge. Bisa wae pan anu ti gereja gé ngariluan.”
Ina                      : “Wah? Nu leres bu? Atuh kumaha arurang tiasa juara deui lamun lawan urangna leuwih beurat mah?”
Nokta                : “Wah jadi minder bu!”
Fatma                : “Nging waka minder atuh.. ari kitu mah kuméok méméh di pacok.”
Kusuma            : “Nya atuh.. kuduna urang leuwih sumanget.”
Hakim                : “Satuju Kus! Up! Up! Up!”
Ibu Narita        : “Leres kasép geulis.. tong waka sieun, da sami-sami jalmi urang téh. Itu tuang sangu, urang tuang sangu. Makin leuwih hésé lawanna, makin leuwih giat urang latihanna.”
Fatma                : “Satuju bu! Sagala gé kumaha jalmina. Lamun hoyong juara berarti kedah nyiapkeun diri supaya mantes jadi juara.”
Nokta                : “Ah so’ bijak si Fatma mah!”
Fatma                : “Wios atuh, kan éta kanyataanna”
Ina                      : “Tapi bu, tim arurang teh teu acan lengkep. Tinggali geura pianis arurang téh teu acan aya.”
Rehan               : “Enya bu, sabot si Kelly pindah sakola, tim rampak sekar urang teu acan aya pianisna.”
Ibu Narita        : “Tenang, néng.. Ibu ge sanes teu mikiran. Insyaallah énjing pianis urang bakal aya.”
Jajang                : “Wah nu leres bu? Saha bu, saha?”
Ibu Narita        : “Panasaran?”
Kusuma            : “Panasaran atuh bu.. saterang abi mah di sakola urang téh pianis anu paling jago téh si Kelly, teu aya deui.”
Abdi                   : “Leres bu, di sakola urang mah ngan aya neng Kelly hungkul, si geulis, si manis, si imut, si sagalana we.”
Ibu Narita        : “ Tenang.. tingali wé énjing nya, ke ku ibu diwanohkeun pas latihan”
Rehan               : “Saha bu? Inisalna wé.”
Ibu Narita        : “Tos ah! énjing wé meh panasaran.”
Nokta                : “Pameget nya bu? Kasep teu bu?”
Asep                  : “Pasti istri geura.”
Ibu Narita        : “Pameget, sep. Kasép, InsyaAllah. Sip lah ku Ibu tos di bejaan inisialna. Enjing waé lamun hoyong terang leuwih seeur mah. Ayeuna mah urang atosan heula wé latihanna, tos sonten.”
Abdi                   : “Mantap Bu, Satuju lah!”
Jajang                : “Huh dasar tukang dahar mah, atoh ari anggeusan mah!”
Abdi                   : “Nya énya wé atuh” (Sabari ngelel)
Ibu Narita        : “Tos yu sateuacan bubar, hayu urang ngado’a. Mugi tim rampak sekar urang janten jawara sarta sina beuki saé unggal latihanna. Alfaatihah... cekap. Wassalamu’alaikum.”
Latihan réngse... kelompok rampak sekar marulang ka imahna masing masing, aya nu ka kaler aya nu
kakidul , aya nu ka wétan aya nu ka kulon.. kitu ogé Fatma, Ina, Kusuma jeung Hakim, maranéhna
mulang ka arah anu sarua, sabab opatanana netep di panti asuhan.
Tiap poé maranehna indit bareng, mulang bareng, resep kacida sanajan lempang maranéhna tetep
gumbira sabari ngahaleuang, tapi kadang maranéhna menang boncéngan ti kang Uus , tukang sayur
deukeutan panti asuhan manehna.

“ cing cang keling manuk cingkleng cindeteun..
“plos kakolong  bapa satar buleneung”

Fatma           : “Eh, Alhamdulillah, tim urang ahirna menang pianis ogé nya.”
Kusuma        : “Muhun téh, pamugi ku hadirna pianis téh nambah sumanget anggota rampak sekar sejenna”
Hakim           : “Aammiiinnn,, salian ti éta pamugi manéhna langkung mahir ti si Kelly.”
Ina                                  :  “Aammiiin..., Ina gé rék ngadu’a ah , mugia pianisna pameget anu kasep, terus naksir
ka Ina”
Fatma           : “Eh , Ina mah kalah ngadu’a anu teu pararuguh kitu.”
Ina                                  : “Keun wé atuh teh, kapan Ina téh tos ageung, masa puber cenah.”
Kusuma        : “ Nging waka Na, saur si ibu gé nging waka nguruskeun nu sapertos kitu, bobohan mah ngké wé lamun tos waktosna.
Hakim           : “leres tah, ayeuna urang keur sakola kenéh mening fokus heula kana di ajar, ngartos teu?
Ina                                  : “Muhun atuh, da éta mah herey..”
Fatma           : “Eh eh tingali tuh aya mobil mang Uus!”
Ina                                  : “Mana?”
Teu lila mobil mang Uus tos di dekeuteun maranehna..
Mang Uus   : “Nembe marulih yeuh?”
Kusuma        : “Muhun mang, uih latihan rampak sekar heula”
Mang Uus   : “Oh, sok atuh naraek.. tumpangan gratis yeuh”
Barudak       :  “Siap mang”
Mang Uus    : “Cape dak sakola téh?.”
Kusuma        : “Cape pisan mang... ”
Mang Uus   : “Nikmati we, da anu penting mah lain capéna, tapi memorina hehe..”
Hakim           : “Tah éta mang, satuju lah!”

Ahirna barudak éta dugi ka imahna, panti asuhan Rumah Lentera...

Fatma           : “Yee,, alhamdulillah ahirna dugi ogé ka bumi... hatur nuhun mang”
Mang Uus   : “Sip néng, sok gera istirahat, carapé da meren”
Ina                                  : “Muhun, nuhun pisan mang”
Mang Uus   :  “Sami sami, mang pamitnya, Assalamualaikumm..”
Barudak       : “Waalaikumsalammm..”

Ti jero bumi, kaluar hiji sosok, sosok anu pinuh ku kaasih sarta dipikahormat jeung di pikaasih ku
barudak panti... nyampakeun barudak anu karek datang ti sakola.
Barudak       : “Assalamualaikumm...”
Ibu Aisyah   : “Waalaikumsalam.. Alhamdulillah tos sarumping gening, kumaha kasep geulis, nembé bubar ieu téh?
Fatma           : “Muhun bu...  biasa mulih latihan rampak sekar heula.”
Ibu Aisyah   : “Oh muhun, kumaha ayeuna kamajuan latihanna?”
Kusuma        : “Alhamdulillah bu ayeuna mah tos rada tiasa naklukeun lagu nu lumayan hesé, sanajan masih seeur kakirangan gé.
Ibu   Aisyah   : “Alhamdulillah atuh, ari aya kamajuan mah, Insya Allah lamun giat jeung soson-soson            mah engké gé bakal saé.”
Ina                                  :  “Aamiin, oh bu rai rai tos marulih?”
Ibu Aisyah   :”Atos, tos tuang tiparayun malahan mah, sok ayeuna mah tinggal haridep anu tuangna, sok.”
Barudak       :”Muhun bu.”

Saba’da Magrib biasa Fatma ngajar ngaji adi adina nu masih SMP.  Manéhna sok ditunjuk ku
ustadzah anu biasa ngajar ngaji, ustadzah Nina namina téh, pikeun ngaba’dalan Ustadzah Nina
lamun nuju aya halangan...

Syehan         : “Ustadzah Nina nuju halangan nya bu?”
Fatma           : “Muhun Han, saurna téh nuju mulang heula ka kampungna.”
Redi               : “Oh, kunaon cenah téh?”
Fatma           : “Ramana nuju teu damang saurna téh. ”
Ira                                   : “Innalillah, udur naon cenah téh?”
Fatma           : “Duka, kirang terang tétéh gé ari panyawatna mah, cuang duakeun wé mugia sing énggal damang.”
Ira                   : “Muhun, mugia ramana Bu Nina énggal dipaparin kasehatan.”
Redi               : “Aamiiin..”

Ningali tingkah si Haikal anu titadi ngalamun waé, Fatma panasaran......

Fatma           : “Kal, kunaon ditinggal ti tatadi téh hayoh wé ngalamun? Nuju aya masalah?”
Haikal            : “Henteu téh, teu aya nanaon.”
Syehan         : “Nuju mikiran kabogoh sigana mah téh.” (Syehan nyeletuk) 
Haikal            : “His!! Sok paradu ari nyeletuk téh”
Cindi              :”Alaahhh nuju ngabatin éta téh?? Wkwkw..”
Haikal            : “Huh sotoy…”
Cindi              : “Keun we sotoy gé, abi ieuh!”
Redi               : “Terus kunaon atuh Kal, ari gaduh masalah sok nyarita, pan urang téh kulawarga”
Eva                 : Leres tah saur si Redi, sugan wé atuh arurang téh tiasa mantuan” (Eva anu titatadi cicing gereget milu ngomong)
Haikal            : ”Henteu téh, leres henteu kunanaon.”
Fatma           : “Oh, muhun wios ari teu hoyong nyarita mah.. ayeuna mah hayu urang lajeungkeun waé ngaosna yu, urang ngabahas ngenaan ciri cirina balég, sok cing saha nu terang?”
Eva                 : “Sampurna umur lima belas tahun, rincina istri mah lamun tos umur 9 tahun pameget mah lamun tos umur 15 tahun.”
Ivan               : “Tos jaradi ciri ciri seks sekunder na upami saur biologi mah.”
Ira                                   : “Tos haid lamun istri mah.”
Redi               : “Tos mampu basah nya téh, Eh mimpi basah.”
Syehan         : “Sok ngalamun téh kawas si Haikal, xixixi.”
Haikal            : ” étah  deuleuk? Nyeletuk wae si Syehan mah.”
Syehan         : “Kapan enya jih, nu tos baleg biasana sok resep ka lawan jenis, jadi wéh hobi nglamun.”
Fatma           : “Tos , tos, leres tah anu tos disebutkeun teh, ciri cirina kirang langkung sapertikeun kitu. Tapi aya nu leuwih penting tibatan apal ciri cirina.. nyaéta urang kudu inget yén lamun urang tos balég  berarti sagala amal ibadah urang jadi tanggung jawab urang.”
Ivan               : “Berati lamun urang ngalakukeun dosa tos balég mah dosana di tanggung ku urangnya téh?”
Fatma           : “Leres, mangkana urang kudu leuwih ati ati dina tingkah laku oge paripolah urang urang sapopoe, ngartos?”
Barudak       : “ngartos.”
Cindi              : “Téh upami bobogohan dilarang teu? Kapan tos kodrat sanés resep ka lawan jenis téh?
Fatma           : “Muhun Cindi, tos kodratna jalmi téh resep ka lawan jenisna, namung salaku jalmi nu ngageum agama Islam urang kudu ngajauhan larangan – larangan Allah, contona waé dina masalah bobogohan, dina Al-Quran saur Allah “Janganlah kamu mendekati zina..”  nah  bobogohan téh kalebet katégori ngadekeutan zina.. naon coba alasanna?
Cindi              : ”Duka téh… saurna mah bukti cinta téh ku bobogohan… bobogohan tiasa nambah sumanget diajar saurna téh..”
Syehan         : “Ah abi ge sumanget diajar mah, tapi teu gaduh kabogoh.”
Eva                 : “Sami abi ge, diajarna Lillahita’ala da.”
Fatma           : “Ah éta mah ngan alasan nu dijieun pikeun ngabenerkeun lampah anu salah… Dangukeunnya.. mangsa keur bobogohan biasana sok naon coba? Mikiran si doi nya? Tah éta téh ka asup zina pikiran, can lamun duduanna éta téh pan teu menang ceuk agama ogé..
Ira                                   : “Jadi urang téh kudu kumaha? Kanggo ngendalikeun hasrat éta téh?
Fatma           :”Kucara seeurkeun ibadah, puasa sunat, tur seeur ngalakukeun hal-hal anu positif.. ngartos?”
Ivan               : “Jadi intina mah sukses heula ngke mikiran bobogohan mah..”
Fatma           : “Leres.



Isukna di kelas Fatma, kelas XII MIPA 1...

Tomy             : “Eh Fatma nembe sumping?”
Fatma           : “Muhun Tom, Alhamdulillah teu acan kasiangan.”
Tia                                  : ”Mangkat jam sabaraha? Tumben ampir kasiangan.”
Ika                                  : “Muhun ma, biasana mah sok heulaan kénéh Fatma tibatan abi ogé.”
Fatma           :”Tadi teh, mangkat tabuh genep mung di jalan téh ngabantosan ibu-ibu milarian cincinna.”
Dedi               : “Subhanalloh, tos mah geulis, pinter, sholehah deuih. Sungguh pacar idaman.”
Syha              : “Euh mulai deuih si dedi yeuh. Nepi ka iraha oge si Fatma mah moal bogoheun ka maneh mah Di.”
Dedi               :”Na ai maneh can tangtu atuh, boa teuing mah Néng Fatma téh bogoheun ka kuring.”
Syha              : “Eh Ded, ari ngimpi téh tong luhur-luhur teuing, hayang labuh!”
Tia                                  : “Euh ngarep pisan dasar si Dedi mah!”
Ika                                  : “Nyadar diri atuh Ded! Ngaca geura, da loba kaca téh.
Dedi               : “Moal ah, moal mundur saacan janur konéng nantung mah.”
Barudak       : “Huh dasar!!!!”

Bel asup disada obrolan barudak ahirna rengse. Teu lila ti éta datng Bu Dewi dituturkeun ku hiji
murid.

Tomi              : “Hatur salam.”
Barudak       : “Assalamu’alaikum wr.wb.”
Bu Dewi       : “Wa’alaikumsalam. Wilujeng enjing.  Kumaha kabarna dina dinten ayeuna?”
Barudak       : “Alhamdulilah Bu, saé.”
Tomi              : “Bu itu saha?”
Bu Dewi       : “Oh ieu, soklah tepangkeun.”
Jude              : “Hai, Arigatou Sensei! wilujeng énjing. Tepangkeun sim kuring Jude, pindahan ti SMA NIKOMA. Dozoyoroshiku.”
Billy                : “Wah pindahan ti Jepang yeuh! Ngomongna ge ku Jepang kitu!”
Tomy             : “Nya maenya wé ngomong Jepang pindahan ti Bobojong.”
Reina             : “ Enya, Wah ganteng pisan!”
Jude              : “Arigatou, Ibu simkuring tiasa calik?”
Bu Dewi       : “ Mangga kasep, itu calik di gigireun neng Fatma.”
Jude              : “Siap Bu.”
Jude leumpang kadekeuteun meja Fatma anu aya dijajaran kadua, pas paamprok jeung Fatma,
manehna terpukau pas ninggali si Fatma sacara spontan manehna nyebut Fatma Adinda..

Jude              : “Ohayou, Adinda. Simkuring tiasa calik di gigireun Adinda?”
Fatma           : “Hah? Adinda? Mangga wae..”
Jude              : “Thanks!”
Bu Dewi       : “Barudak, sok ayeuna ku hidep buka buku paket basa Sunda, kejakeun tugas anu aya di kaca 15.”
Barudak       : “Muhun Bu..”

        Waktu istirahat, Jude dikurumunan ku loba jalma, maklum lah murid anyar loba nu ngajak kenalan, iwal ti Fatma anu biasa ngalaksanakeun solat Duha mangsa keur istirahat.

Reina             : “Jude, kunaon bet anjeun pindah ka SMA ieu? Padahal kan di Jepang teh leuwih maju pendidikanna sanes?”
Ika                                  : “Muhun Jude, padahal di Jepang teknologi tos pada caranggih.”
Dedi               : “Nu teu kalah penting, awewe Jepang gareulis bro, ieu mah kalah disia-siakeun.”
Billy                : “Mulai tah si Dedi, pikiran teh awewe we jeung awewe.”
Jude              : “ Sanes kitu rerencangan sadaya, kuring ngalih sabab kolot simkuring teh tos rapih tugas di Jepangna.”
Tia                                  : “Emang kolot anjeun damel naon?”
Jude              : “Janten duta besar Indonesia di Jepang tepi ayeuna mah tos purna.”
Tomy             : “Wah keren pisan.”
Jude              : “ Ah nu keren mah kolot simkuring, lain kuringna. Eh.. ari ieu anu calik gigireun sim kuring kamana? Asa teu katingali keur istiahat mah.”
Tomy             : “Si Fatma? Oh biasana mah nuju ka mushola, nuju solat Duha.”
Reina             : “Kunaon kitu Jude? Naksir nya?”
Jude              : “ Ah henteu..henteu.. taat jalmina nya.”
Dedi               : “ Sopasti lah, gebetan kuring mah no hiji.”
Syiha             : “Aeh.. aeh, asa bebas eta nyarios. Tenang Jude, Fatma can aya nu boga.”
Jude              : “ Wah nu bener?”
Billy                : “Leres da..  aslian ieu mah.”

Saperti biasa, samulangna ti sakola anggota rampak sekar pada latihan, tapi aya anu beda dina
latihan dinten ayeuna. Tim rampak sekar tos miboga pianis.
Jajang           : “Woy, kira-kira saha nya anu jadi pianisna? Si ibu tos janji bade ngenalkeun dinten ayeuna.”
Nokta            : “Teu apal eung teu katebak. Lalaki di sakola ieu mah asa jarang anu bisa piano mah.”
Abdi               : “Keun lah ek saha wae oge, nu penting mah jadi.”
Rehan           : “Satuju!”

Teu lila Ibu Narita datang, ditukangeunnana aya lalaki anu make topi. Sabari nyanyi lalaki anu di topi
eta ngadekeutan anggota rampak sekar, ngarah ka si Fatma.
“Neng geulis, pujaan akang.”
“Neng geulis.. akang hoyong tepang..”
“Upami teu aya pamengan , langkung sae urang tunangan.”

Fatma           : “Jude?”
Jude              : “Hai Adinda, wilujeng siang.” (sabari seuri)
Barudak       : “Waah!”
Hakim           : “Fatma anjeun wawuh geningan?”
Fatma           : “Nya, tepangkeun rerencangan, ieu Jude. Murid pindahan ti SMA NIKOMA, Tokyo.”
Abdi               : “Wah!! Pindahan ti Jepang. Bisa bahasa Jepang atuh bro?”
Jude              : “Bisa atuh hahahahahahhahha”
Asep              : “Kela..kela SMA NIKOMA? Asa kungsi ngadangu, dina naon nya?”
Jajang           : “Anime Sep, itu koh anime anu caritana Volly.”
Asep              : “Ooh enya, rival SMA Karasuno nya, Jud? Hahahahaha”
Ina                                  : “Naon ieu teh? Kalah nguruskeun anime.”
Nokta            : “Enya ih, dasar Otaku!”
Jude              : “Hahahahha. Eh Adinda teh ngiring tim rampak sekar gening.”
Fatma           : “ Muhun Jud, ngisi waktu luang we, oge ngembangkeun bakat.”
Nokta            : “Adinda??? Fatma anjeun bobogohan?”
Ina                                  : “Eleuuh, teh Fatma geuning kitu? Carekan Ibu siah!”
Fatma           : “Yeuh, ulah waka suudzon”
Ina                                  : “Teras kunaon atuh teh?, Si akang eta nyebat Adinda ka teteh.”
Fatma           : “Duka, taroskeun we nyalira, kunaon tah Jude?”
Jude              : “Naha, da teu kunanaon, tanda kahormat hehe.”
Ibu Narita    : “Sip, barudak sadaya ieu yeuh pianis anu ceuk Ibu tea, Kasepnya Nokta? Hehe”
Nokta            : “Hehe... kasep bu, nomber uno lah.”
Rehan           : “Huh teu kaop ninggali lalaki kasep, langsung kacentilan.”
Nokta            : “Bae we, wleee..”
Ibu Narita    : “Mantap, tim rampak sekar komplit, hayu ieu waktuna urang berjuang!”
Barudak       : “Siap!!!”

Sadugina di panti asuhan

Barudak       : “Assalamu’alaikum”
Ibu Aisyah   : “Wa’alaikumsalam, tumben geuning sumpingna sore pisan, tos timana heula?”
Kusuma        : “Punten bu, tadi teh latihan rampak sekarna rada lami, soalna tadi teh aya pianis jadi nyocok-nyocokkeun heula.”
Hakim           : “Muhun bu, tapi Alhamdulillah eta pianisna jago. Latiihan sakali dua kali langsung nyetel.”
Ina                                  : “Eh Bu, terang teu? Aya anu nyebut Adinda ka teh Fatma” (Bari ngadelik)
Ibu Aisyah   : “Saha Na? Kabogohna?” (Semu reuwas)
Ina  :               “Itu Bu,  pianis anyar tea. Kasep da.” (Sabari nyengir)
Fatma           : “Ihh henteu bu, sanes. Abi ge teu ngartos bet disauran Adinda kitu?”
Bu Aisyah    : “Nu leres yeuh? Kade bisi kabogoh!”
Fatma           : “Sanes bu, sumpah demi Allah!”
Ibu Aisyah   : “Syukurari kitu mah, dangukeun barudak can waktuna ker hidep bobogohan mah, ayeuna mah waktu pikeun nuntut elmu. Ngunggulkeun kualitas diri, ameh sukses kahareupna, henteu hese hirup. Kakuping?”
Barudak       : “Kakuping Bu..”
Ibu Aisyah   : “Sok atuh ayeuna mah geura lebet ka bumi. Geura taruang heula!”
Barudak       : “Muhun Bu..”

Sabot datangna Jude kelompok rampak sekar dina latihanna terus wae aya kamajuan, nambah kompak tur nambah sae. Teu karasa waktu beuki nyerelek, lomba rampak sekar tingkat Jawa Barat tinggal sapoe deui, tim rampak sekar pahibut mersiapkeun jang isukan.

Ibu Narita    : “Sok barudak, maksimalkeun nya latihan terahirna. Urang suguhkeun tampilan urang anu pang saena.”
Barudak       : “Siap Bu!!!”
Ina                                  : “Tong ngemutan nu sanes heula. Fokus nya, Jud tong ngahereuyan wae Fatma.”
Jude              : “Muhun da ngan rerencangan arurang mah.”

Dinten hari- H lomba, tim rampak sekar SMA 1 Cisarua, nembongkeun kamampuhna.

MC                : “Assalamu’alaikum wr.wb. Pamilon sadaya anu ku simkuring dipihormat, girang pangajen anu dipihormat. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya tiasa kempel dina acara lomba rampak sekar tingkat Jawa Barat anu ka 8. Hayu urang buka wae ieu acara ku aosan Bismillahirrahmanirrahim. Urang sauran wae pamilon nomor urut 10 ti SMA Cisarua.”
(Keprok)

(Tampil)

MC                : “Alhamdulillah sadaya pamilon atos nampilkeun penampilan anu sae pisan. Tangtu pamilon sadayana tos teu sabar hoyong enggal-enggal terang saha anu janten pinunjul dina ieu pasanggiri. Ku kituna hayu urang sambut Bapak Apriyanto salaku perwakilan girang pangajen anu bakal masihan wawaran sareng ngawartosan saha anu janten pinunjul.”

Apriyanto   : “Assalamu’alaikum. Wr wb. Hatur nuhun ka panumbu catur anu tos masihan kasempetan kangge simkuring ngadugikeun wawaran sareng ngumumkeun pinunjul. Dina rampak sekar teh urang lain ngan saukur cacalawakan hungkul, tapi kudu penghayatan anu jero.lamun laguna nyaritakeun kasedihan, urang kudu bisa ngagambarkeun kasedihan eta, sabalikna lamun eta lagu nyaritakeun kagumbiraan urang kudu bisa ngagamarkeun kagumbiraan eta.tah mudah-mudahan naon anu didugikeun teh bisa janten bekel kanggo pasanggiri salajengna. Anu teu acan janten pinunjul ulah putus harepan sangkan masih seer kasempetan sanes.
Anu janten pinunjul katilu nyaeta SMA Santa Maria Cimahi
Anu janten pinunjul kadua nyaeta SMK 11 Bandung
Anu janten pinunjul kahiji nyaeta SMA 1 Cisarua..


Barudak   : “Alhamdulillah...”
Ibu Narita : “Wilujeng nya barudak...”
(Ka Panggung, Narima Piala)
Ina             : “Tuh nya, nonoman jiga urang mah mending fokus we ka kagiatan-kagiatan sapertos kieu. Tong cinta-cintaan heula, ke ge aya waktosna.”
Jude          : “Muhun Ina..”


-TAMAT-

Cekap sakitu anu kapihatur , hatur nuhun :) mari berbagi.



Labels: , , , ,

0 Comments:

Post a Comment

Subscribe to Post Comments [Atom]

<< Home